19.6.07

teu karasa...


Kliseu sabenerna mah, Jang... Tapi mémang kitu kaayaanana, nyérélékna waktu téh éstuning teu karasa. Asa kakara kamari Abah nungguan indung hidep humarurung nahan kanyeri, waktu hidep rék gubrag ka alam dunya. Ayeuna, horéng hidep geus nincak umur sataun...

Abah inget kénéh waktu hidep kaluar ti rohangan bedah digandong ku perawat. Abah langsung nuturkeun hidep ka rohangan husus ngarawat orok. Hidep usik, ramo suku ngahaja disintreukan ku perawat ngarah ceurik. Hidep ceurik, tapi ukur basajan, teu gogoakan kawas nu saméméhna dicipta-cipta. Panon hidep gular-giler, sérab ku lampu nu nyorot. Pas paamprok teuteup... Gusti... Hidep waras taya kakurang, panon awas ti barang gubrag.

Kemis kamari Abah ditelepon ku indung hidep, cenah Si Bagja geus bisa leumpang. Haté mani kumejot hayang geura nempo, da basa ditinggalkeun poé senén mah hidep téh ukur wani saléngkah-dua. Emh... Na hidep téh bet ngabongohan? Mitambeyan lumpat pas Abah teu nyaksian. Tapi, keun baé. Da poé jumaahna gé langsung kasaksén, hidep lumpat muru nu kakara mulang...

Emh... Bagéa Sujang... Sugema indung hidep... Bagja diri Abah... Bagja ngaran hidep... Mugia waras, bagja, lan binekas diri hidep. Aamiin...

5.10.06

Ambu Bagja


Bagja, tah nu di luhur téh poto Ambu basa keur ngandung hidep, dina riungan baraya Kusnét di bumi sepuhna Ua Ani/Ikmal, Subang. Anu motona Ua Hasan. Abah poho deui, harita téh umur hidep dina kandungan Ambu téh geus sabaraha bulan. Geus badag wé pokona mah. Karunya, harita téh Ambu hareudangan waé. Tingali wé éta, Ambu keur geber-geber maké kipas, keur mah hawana panas di dinya téh.

indung nu ngandung
bapa nu ngayuga



Ambu téh ngandung hidep salila salapan bulan, tangtu beurat karasana. Malah, pikeun nu teu sabar mah kadang sok ngarasula. Tapi, Ambu mah hébat, Jang. Tara luh-lah tara humandeuar, enjoy wé katingalna téh... Abah percaya, tangtu hidep nyaah ka Ambu...

2.10.06

mirip saha?

Bagja, Ambu mah kadang jamedud, alatan nu nempo hidep sok waé nyebut mirip bapana. Potokopi wé, cenah! Aya éta gé, sakapeung, nu nyebut hidep téh mirip Ambu, utamana mah lebah socana. Ari ceuk Abah pribadi mah, duka atuh, teu pati bisa ngabanding-banding. Ongkoh deuih, ari dedegan hidep mah ayeuna téh pan rada lintuh, pipi gé mani "chubby" kitu, ceuk Nyi Ciwit mah. Sedengkeun Abah sakieu 'lenjang'na. Enya éta gé, ari dina lebah kasépna mah, Abah gé ngaku, yén hidep gé kasép... kawas Abah. Leuwih kasép malah mah!

Aya deui nu nyebutkeun hidep téh mirip urang Arab atawa India. Atuh... Abah téh beuki bingung, da sainget Abah mah, boh ti Ambu atawa ti Abah, hidep téh taya getih India/Arab. Tapi, sababaraha poé kamari, Ambu ngaku, yén cenah basa keur ngandung hidep, Ambu teu ngahaja ningal pilem India. Tah, dina éta pilem, kabeneran aya pamaén lalaki nu gagah, nepi ka Ambu ngagerentes, "Emh, aya ku gagah ieu lalaki. Mun anak aing gagah kawas si éta..."

Tuh... Ari geus puguh kitu mah, Abah teu kudu bingung deui. Mun aya nu nyebutkeun yén hidep mirip urang India, Abah moal mangmang ngabéjakeun, yén hidep mémang aya teureuh India... dina angen-angen...

Sing soléh, Kasép...

28.9.06

Haohakeng...


Beuki dieu, Papih (Si Abah keur ngagaya) téh bet jadi bingung, rék nulis naon... nya?! Teu bisa ngedalkeunana Abah mah, Bagja! Ayeuna umur hidep geus tilu bulan leuwih saminggu, awak gé hidep téh geus ngabadagan, dua tikel ti pas borojol. Abah & Ambu teu weléh muji sukur ka Nu Mahasuci, yén hidep nepi ka ayeuna teu kurang nanaon, jadi Abah gé teu hariwang ari mawa hidep ka luar téh. Ka Garut, Ka Ciawi-Tasik, geus puguh ari ka Bandung mah, da kalangenan Si Ambu éta mah. Keun wé, Abah gé ngarti, yén Ambu téh sapopoéna pasti capé. Ngarawatan Bagja mah geus puguh, jaba deuih pan kudu babantu Néné Emih di toko. Jadi, ninggang wik én mah, mun Abah mulang, nya giliran Ambu disenangkeun. Dianteur sagala kahayangna, da tara ménta nu ahéng-ahéng ieuh Ambu mah...

Basa minggu iraha, nya, anu Abah kudu ka Jogja téa, barang mulang, naha geuning Ujang téh geus mimiti diajar ngobrol. Hao... Hakeng... Hao... Hakeng... Saur Enin Garut mah, "hao hakeng" téh cenah basa budakna "Alloh langgeng". Boa enya, pan cenah méméh gumelar ka alam dunya téh, nalika masih di alam roh, sakur manusa téh geus tepung jeung Gusti Alloh. Rék nyarita naon hidep téh, Bagja? Naha naon anu aya dina pikiran hidep nu umurna kakara bubulanan téh? Gusti... Mun teu kuat nahan mah, Abah téh ampir baé carinakdak... Ku bagja-bagjana nampa ieu ni'mat... Hatur nuhun, Gusti....

26.7.06

Béntang Kejora?

Aki Muin (emang Abah, adina Kiki) kungsi ditanya ku budakna, "Ari Papah béntangna naon?"
"Béntang kejora!" ceuk Aki Muin ngaheureuykeun. Dasar barolon kénéh, dijawab kitu téh disangka enya wé ku barudakna mah. Tapi, ana diakurkeun jeung daptar béntang dina astrologi Yunani (heueuh kitu?), horéng euweuh. Atuh barudak téh pararotés... Aki Muin mah ukur ngagakgak...

Poé-poé kamari, basa keur ngobrol jeung babaturan gawé, Abah ditanya
"Si Bagja téh béntangna naon? Kénser, nya?"
"Euh... Duka, da kuring mah tara nempoan nu kararitu," ceuk Abah. Tadi, geus aya nu nanya deui, laju ditebak ku manéhna sorangan, "Gemini, pan?!" Halaaah... Duka teuing atuh!!!

Bagja, Abah mah lain jalma nu resep ngurusanan nu kararitu. Béntang, sioh, itung-itungan weton, atawa nanahaon sabangsana, éta mah lain bagéan Abah. Bagja gé, engké kudu ngarti, yén nasib manusa mah teu ditangtukeun ku iraha manéhna gumelar ka alam dunya. Wayahna, Abah mah moal ngabéjaan naon béntang manéh. Najan gampang nganyahokeunana gé, da nepi ka ayeuna Abah mah teu panasaran hayang nyaho. Teu perelu, ceuk pamikir Abah mah... Enya cenah ceuk batur titimangsa gumelarna manéh ka alam dunya téh ninggang di 'nomer cantik': 20-06-2006. Tapi da pikeun Abah mah teu aya patalina jeung nasib manéh engké. Lumayan sotéh ngarah gampang ingetna, da angkana kembar. Heuheu...

4.7.06

Bagéa, Bagja!


Saptu-minggu panengah Juni, sakumaha biasa, Abah 'liburan' di Jatinangor. Poé-poé saméméhna, Abah téh mani asa geus sagok-gokeun baé hayang geura panggih. Teu kaur kontak, nu ditanyakeun téh éta deui, éta deui. "Tos karaos? Acan? Betaheun kénéh, sugan..?!" ngan kitu jeung kitu baé. Komo ari keur tepung mah, teu sirikna di-ukhruuj-ukhruuj, dihiap-hiap sangkan borojol. Tapi, nepi ka malem senén, geuning Si Ambu can ngarasa nanaon. Ngan, méméh saré, cenah Ambu ngaharéwos, "Utun, mun rék kaluar, sok atuh ayeuna. Meungpeung Si Abah can miang deui ka Jakarta..."
Ari pék téh, enya baé. Senén subuh Si Ambu ngahudangkeun Abah, nitah geuwat mandi, sabab geus aya plék getih. Geus puguh kitu mah, Abah jadi rada jongjon. Heueuh, jongjon moal indit ka Jakarta! Heuheu...

Duka kumaha nya rarasaan Abah harita, tapi da nu puguh mah teu geumpeur teu sing. Nyéta atuh, ceuk babaturan mah urat geumpeur Abah téh geus pegat. Keur mah deuih nempo Si Ambu nu ogé tenang, Abah jadi beuki reugreug. Mun nempo Ambu mah Abah téh sok jadi reugreug, komo inget ku kaperkasaanana anu ngéléhkeun Kang Haji Cibitung nalika dua bulan ka tukang ulin ka Curug Kancil. Na jero haté Abah sok ngadunga, mudah-mudahan si utun leuwih gagah batan bapana, sarta leuwih perkasa batan indungna. Puguh ari soléhna mah, sing jauh ngungkulan indung-bapana. Aamiin...

Indit ka rumah sakit téh teu rurusuhan, salsé baé. Jam sapuluh, sawelas, dua welas, Kiki & Enin ti Garut geus jol, dibarengan ku Uwa Cikal & istri. Jam hiji, dua, tilu, opat, lima... Cai ketuban pecah (halah, kumaha atuh basa Sundana ieu téh..?!!) kira ba'da magrib. Ti dinya mah Ambu téh beuki kerep humarurungna... Kiki ngajakan kaluar, néang ubar tunduh. Satengah jam-an mah nya ngopi heula di Kantin, bari nobar (nongton bareng) Piala Dunya. Jam salapan bukaan dalapan... Si Ambu guling-gasahan, cenah mules jeung nyeri beuki merekpek.

Sanggeus nungguan nepi ka satengah poé mah, kuring gé jadi hariwang...

Jam sawelas... Masih bukaan dalapan... Bidan ngabéjakeun pamanggih dokter, "Aya kamungkinan kedah disésar..." Leng... Abah teu bisa mutuskeun sorangan. Bari nahan haté anu lelenyapan, Abah bébéja ka kolot-kolot nu tunggu. Sanggeus badami sakeudeung, nya kabéhanana sapuk, ngiringan kana pamanggih dokter.

Jam dua welas kurang... Ambu asup rohangan bedah... Pamustunganana mah Abah gé teu bisa marengan, da ukur bisa nganteur nepi ka panto. Kari haté baé nu terus guling-gasahan...

Kira satengah jam, perawat kaluar rohangan bedah bari mawa orok. Geuwat baé Abah nuturkeun... Anjeun geuning éta téh, Jang... Teu bisa kagambarkeun kumaha bungahna haté Abah harita. Bari nempokeun perawat nu keur ngurus anjeun, na jero haté Abah muji sukur ka Pangéran. Nuhun, Gusti... Pun anak geus dibabarkeun séhat waluya, teu kurang nanaon... Teu pati lila, Abah dibéré kasempetan pikeun ngadanan & ngomatan... Bagéa, Bagja!

Geus bérés nguruskeun anjeun, Abah balik deui ka hareupeun rohangan bedah. Kira dua jam ti asupna, Ambu kakara kaluar. Emh, deudeuh, Geulis... Ambu geus toh pati mélaan anak... Ayeuna giliran Abah... Yap ka dieu, Bagja!

14.6.06

Abah nDut

Jang, basa Abah léngoh kénéh mah, beurat Abah téh tara nepi ka 50 kilo. Paling beurat gé ukur nepi ka ampir. Tah, ti saprak kawin, sigana mah Abah téh asup deui kana mangsa 'pertumbuhan'. Saeutik-saeutik awak Abah beuki beurat, nepi ka ayeuna mah ampir baé nepi ka angka 60. Tapi, ulah salah. Nambahan 10 kilo téh, mun saliwat mah moal pati katempo bédana. Da geuning pipi Abah rada kemong kénéh, cangkéng gé masih langsing. Ngan ieu yeuh, beuteung, bet ampir baé nyaruaan Ambu nu keur ngandung Ujang. Heuheu...

Heueuh, gara-gara ngabeuratan ampir sapuluh kilo, ayeuna calana Abah kari dua anu bisa dipaké kalawan bener, da anu séjénna mah geus hésé ngancingkeunana gé. Mun kapaksa dipaké gé, nya kadang teu dikancingkeun, cukup ku diselétingkeun rada ka luhur. Ambu mah geus geregeteun meureun, da pok deui, pok deui nitah Abah meuli calana. Enya ku kituna mah, Abah gé lain embung meuli. Tapi, saayeunaeun mah Abah téh mereketkeun manéh wé heula, da meuli calana mah euweuh dina APBK ayeuna. Nu aya dina pikiran Abah ayeuna, taya deui iwal sasadiaan pikeun ngabagéakeun Ujang. Tong salempang, Jang... Najan ceuk paribasana nepi ka hulu dijadikeun suku, suku dijadikeun hulu gé, Abah mah moal asa-asa. Keur Ujang jeung Ambu éta téh, panyileukan haté Abah...