Aki Muin (emang Abah, adina Kiki) kungsi ditanya ku budakna, "Ari Papah béntangna naon?"
"Béntang kejora!" ceuk Aki Muin ngaheureuykeun. Dasar barolon kénéh, dijawab kitu téh disangka enya wé ku barudakna mah. Tapi, ana diakurkeun jeung daptar béntang dina astrologi Yunani (heueuh kitu?), horéng euweuh. Atuh barudak téh pararotés... Aki Muin mah ukur ngagakgak...
Poé-poé kamari, basa keur ngobrol jeung babaturan gawé, Abah ditanya
"Si Bagja téh béntangna naon? Kénser, nya?"
"Euh... Duka, da kuring mah tara nempoan nu kararitu," ceuk Abah. Tadi, geus aya nu nanya deui, laju ditebak ku manéhna sorangan, "Gemini, pan?!" Halaaah... Duka teuing atuh!!!
Bagja, Abah mah lain jalma nu resep ngurusanan nu kararitu. Béntang, sioh, itung-itungan weton, atawa nanahaon sabangsana, éta mah lain bagéan Abah. Bagja gé, engké kudu ngarti, yén nasib manusa mah teu ditangtukeun ku iraha manéhna gumelar ka alam dunya. Wayahna, Abah mah moal ngabéjaan naon béntang manéh. Najan gampang nganyahokeunana gé, da nepi ka ayeuna Abah mah teu panasaran hayang nyaho. Teu perelu, ceuk pamikir Abah mah... Enya cenah ceuk batur titimangsa gumelarna manéh ka alam dunya téh ninggang di 'nomer cantik': 20-06-2006. Tapi da pikeun Abah mah teu aya patalina jeung nasib manéh engké. Lumayan sotéh ngarah gampang ingetna, da angkana kembar. Heuheu...
26.7.06
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
2 comments:
Aeh.. Bagja teh geningan ngaran tuang putra, nya? Ari sugan teh gumulungna rasa salira wungkul :)
Wilujeng ah..
Oge hapunten lahir batin wireh bade shaum Ramadhan..
Héhéh... Muhun, Kang... Rekés ti ninina, hoyong gaduh incu ngaranna Bagja.
Hatur nuhun, wilujeng saum ogé...
Post a Comment