
Saptu-minggu panengah Juni, sakumaha biasa, Abah 'liburan' di Jatinangor. Poé-poé saméméhna, Abah téh mani asa geus sagok-gokeun baé hayang geura panggih. Teu kaur kontak, nu ditanyakeun téh éta deui, éta deui. "Tos karaos? Acan? Betaheun kénéh, sugan..?!" ngan kitu jeung kitu baé. Komo ari keur tepung mah, teu sirikna di-ukhruuj-ukhruuj, dihiap-hiap sangkan borojol. Tapi, nepi ka malem senén, geuning Si Ambu can ngarasa nanaon. Ngan, méméh saré, cenah Ambu ngaharéwos, "Utun, mun rék kaluar, sok atuh ayeuna. Meungpeung Si Abah can miang deui ka Jakarta..."
Ari pék téh, enya baé. Senén subuh Si Ambu ngahudangkeun Abah, nitah geuwat mandi, sabab geus aya plék getih. Geus puguh kitu mah, Abah jadi rada jongjon. Heueuh, jongjon moal indit ka Jakarta! Heuheu...
Duka kumaha nya rarasaan Abah harita, tapi da nu puguh mah teu geumpeur teu sing. Nyéta atuh, ceuk babaturan mah urat geumpeur Abah téh geus pegat. Keur mah deuih nempo Si Ambu nu ogé tenang, Abah jadi beuki reugreug. Mun nempo Ambu mah Abah téh sok jadi reugreug, komo inget ku kaperkasaanana anu ngéléhkeun Kang Haji Cibitung nalika dua bulan ka tukang ulin ka Curug Kancil. Na jero haté Abah sok ngadunga, mudah-mudahan si utun leuwih gagah batan bapana, sarta leuwih perkasa batan indungna. Puguh ari soléhna mah, sing jauh ngungkulan indung-bapana. Aamiin...
Indit ka rumah sakit téh teu rurusuhan, salsé baé. Jam sapuluh, sawelas, dua welas, Kiki & Enin ti Garut geus jol, dibarengan ku Uwa Cikal & istri. Jam hiji, dua, tilu, opat, lima... Cai ketuban pecah (halah, kumaha atuh basa Sundana ieu téh..?!!) kira ba'da magrib. Ti dinya mah Ambu téh beuki kerep humarurungna... Kiki ngajakan kaluar, néang ubar tunduh. Satengah jam-an mah nya ngopi heula di Kantin, bari nobar (nongton bareng) Piala Dunya. Jam salapan bukaan dalapan... Si Ambu guling-gasahan, cenah mules jeung nyeri beuki merekpek.
Sanggeus nungguan nepi ka satengah poé mah, kuring gé jadi hariwang...
Jam sawelas... Masih bukaan dalapan... Bidan ngabéjakeun pamanggih dokter, "Aya kamungkinan kedah disésar..." Leng... Abah teu bisa mutuskeun sorangan. Bari nahan haté anu lelenyapan, Abah bébéja ka kolot-kolot nu tunggu. Sanggeus badami sakeudeung, nya kabéhanana sapuk, ngiringan kana pamanggih dokter.
Jam dua welas kurang... Ambu asup rohangan bedah... Pamustunganana mah Abah gé teu bisa marengan, da ukur bisa nganteur nepi ka panto. Kari haté baé nu terus guling-gasahan...
Kira satengah jam, perawat kaluar rohangan bedah bari mawa orok. Geuwat baé Abah nuturkeun... Anjeun geuning éta téh, Jang... Teu bisa kagambarkeun kumaha bungahna haté Abah harita. Bari nempokeun perawat nu keur ngurus anjeun, na jero haté Abah muji sukur ka Pangéran. Nuhun, Gusti... Pun anak geus dibabarkeun séhat waluya, teu kurang nanaon... Teu pati lila, Abah dibéré kasempetan pikeun ngadanan & ngomatan... Bagéa, Bagja!
Geus bérés nguruskeun anjeun, Abah balik deui ka hareupeun rohangan bedah. Kira dua jam ti asupna, Ambu kakara kaluar. Emh, deudeuh, Geulis... Ambu geus toh pati mélaan anak... Ayeuna giliran Abah... Yap ka dieu, Bagja!
0 comments:
Post a Comment